-->

Cerita Kehidupan dalam Rangkaian Kata

KHUTBAH IEDUL FITRI 1440 H / 2019 M BAHASA SUNDA : BIRRUL WALIDAIN

KHUTBAH IEDUL FITRI 1440 H.
BIRRUL WALIDAIN (BHS. SUNDA)
Oleh KH. A. Muhammad Tohir SH


الله اكبر 9x
الْحَمْدُ لِلّهِ الَّذِيْ أَنْزَلَ عَلَى عَبْدِهِ الْكِتَابْ. أَظْهَرَ الْحَقَّ بِالْحَقِّ وَأَخْزَى الْأَحْزَابْ. وَأَتَمَّ نُوْرَهُ وَجَعَلَ كَيْدَ الْكَافِرِيْنَ فِيْ تَبَابْ. غَافِرِ الذَّنْبِ وَقَابِلِ التَّوْبِ شَدِيْدِ الْعِقَابْ. خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَيَاةَ لِيَبْلَوَنَا وَإِلَيْهِ الْمَآَبْ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اللّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا، أَمَّا بَعْدُ: أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَقُوْمُوْا بِمَا أَوْجَبَ اللهُ عَلَيْكُمْ مِنْ حَقِّهِ وَحُقُوْقِ عِبَادِهِ.
أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمْ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيمْ
وَقَضَىٰ رَبُّكَ أَلَّا تَعْبُدُوا إِلَّا إِيَّاهُ وَبِالْوَالِدَيْنِ إِحْسَانًاۚ إِمَّا يَبْلُغَنَّ عِندَكَ الْكِبَرَ أَحَدُهُمَا أَوْ كِلَاهُمَا فَلَا تَقُل لَّهُمَا أُفٍّ وَلَا تَنْهَرْهُمَا وَقُل لَّهُمَا قَوْلًا كَرِيمًا.


Ma’asyirol muslimin rohimakumulloh,
Sadaya puji kagungan Alloh Subhanahu wa Ta’ala. Anu parantos nyiptakeun urang sadaya tina tulang rusuk Bapa sareng tina rahim ibu. Abdi sadaya nyuhunkeun pangraksa tina sagala panggoda syetan, sareng nyuhunkeun pitulung kanggo ngalaksanakeun kasaean sareng tiasa babakti kanu janten ibu rama. Sholawat salam salamina dihaturkeun ka jungjunan urang sadaya anu mulya, nu nyandak hidayah sareng pituduh kana jalan nu dipirido ku Alloh SWT, oge sareng sadaya keluarga sareng sohabatna, Amin.

Hadirin rohimakumulloh,
Mugi urang sadaya tiasa ningkatkeun katakwaan ka Alloh Azza Wajalla ku ngalakukeun sareng ngamalkeun sagala piwarangna, oge tiasa komunikasi sareng sadaya ummat kalayan sae.
Jama’ah  rohimakumulloh,
Peryogi ka uninga rehna ngamulyakeun ibu rama, gawe hade ka indung bapa, eta disandingkeun sareng kawajiban ibadah ka Alloh, sakumaha dawuhna:

وَاعْبُدُوا اللهَ وَلاَتُشْرِكُوا بِهِ شَيْئًا وَبِالْوَالِدَيْنِ إِحْسَانًا

“Aranjeun kudu ibadah ka Alloh tur ulah musyrik, oge wajib gawe hade ka indung bapa.” 
(An-Nisa: 36)

Carana babakti kanu janten sepuh diantawisna:
1. Cariosan nu sae kalayan nganggo tatakrama sakumaha kedahna, ulah disamikeun sareng ka rerencangan atawa sami sareng ka nu sahandapeun, komo di anggap pagawe nu sok babantu di imah. Kedahna tawadu’, handap asor, rengkuh, ulah sombong, adigung gede hulu, kena-kena hirup sukses leuwih ti darajat kolot, da sepuh ge moal ngungkit-ngungkit nu geus dibikeun ka anjeun ti leuleutik, naha ari aranjeun bet jadi teu sopan ka kolot sorangan.

2. Kedah patu, ngagugu kana naon nu dipisaur ku sepuh, da curak carek ge bakat ku nyaah kanu jadi anak, tutah titah ge jang kamanfaatan anakna sorangan. Ulah ngalawan kana panyuhunkeun atawa piwarangna, ngahulag, atawa komo dugika ka ngambek pedah di titah. Saur Alloh:

وَقَضَىٰ رَبُّكَ أَلَّا تَعْبُدُوا إِلَّا إِيَّاهُ وَبِالْوَالِدَيْنِ إِحْسَانًاۚ إِمَّا يَبْلُغَنَّ عِندَكَ الْكِبَرَ أَحَدُهُمَا أَوْ كِلَاهُمَا فَلَا تَقُل لَّهُمَا أُفٍّ وَلَا تَنْهَرْهُمَا وَقُل لَّهُمَا قَوْلًا كَرِيمًا

“Alloh parantos mastikeun sareng ngawajibkeun kudu aribadah ka Anjeuna, jeung kudu gawe hade ka indung bapa, utamina dimana aranjeuna dugi kana yuswa sepuh tur rarempo, duanana atanapi salahsawiosna, poma aranjeun ulah nyarita nu goreng najan kecap “Heup” komo bari nyentak nu matak ngaraheutkeun, tapi ucapkeun basa nu jeung kecap nu leuleuy nu raoseun kana manahna”

3. Wajib masihan nafkah, biaya sehari-hari dimana aranjeuna peryogi tur urangna boga, mahi pikeun kabutuhan anak pamajikan. Aranjeuna mah mungkin teu langsung nyuhunkeun, tapi urang sing surti, sing ngarti kana kaperyogian nu janten sepuh. Sakumaha kasauran Imam Taqiyyudin Al Husny dina kitab Kifayatul Akhyar hal.557:

وَإِنَّمَا تَجِبُ نَفَقَةُ الْوَالِدَيْنِ بِشُرُوْطٍ مِنْهَا يَسَارُ الْوَلَدِ وَالْمُوْسِرُ مِنْ فَضْلٍ عَنْ قُوْتِهِ وَقُوْتِ عِيَالِهِ فِيْ يَوْمِهِ وَلَيْلَتِهِ مَا يُصَرِّفُهُ إِلَيْهِمَا فَإِنْ لَّمْ يَفْضُلْ فَلَا شَيْءَ عَلَيْهِ لِإِعْسَارِهِ

Hartosna, “Wajib nafakah ka ibu rama kalayan syarat aranjeun boga, aya kacukupan, leuwih tina biaya kahirupan sapoe sapeutingeun, tapi lamun kaayaan arajeun sempit teu aya leuwih tina kabutuh, teu jadi dosa”.

4. Wajib babantu, mantuan kasibukan rumah tangga ibu rama, hingga aranjeuna gaduh waktu pikeun istirahat, hawatos tos sepuh ulah disibukeun teuing dina padamelan, komo upami tos rarempo bari teu damangan, eta nu janten putra wajib ngajagi siang wengi, utamina segi ibadahna, ngalaksanakeun sholat, susuci, wirid-wirid nu sanesna, peryogi di bantos, peryogi di lereskeun sangkan sah tur sampurna:

وَاخْفِضْ لَهُمَا جَنَاحَ الذُّلِّ مِنَ الرَّحْمَةِ وَقُلْ رَبِّ ارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانِي صَغِيرًا

Alloh nandeskeun yen aranjeun kudu handap asor, hampang birit, mikanyaah kanu janten sepuh, bari seueur ngadu’a : Ya Alloh mugi mikawelas mikanyaah ka pun biyang ka pn bapa, sakumaha aranjeuna mikanyaah ka abdi waktu abdi leutik”.

Peupeujeuh ulah ngabujangkeun ka sepuh, mihape anak pang ngasuhkeun, mihape pang masak-keun, mihape pang nyaitankeun popoean. Najan aranjeuna ikhlas rido, da kanyaah ka anak mah moal laas moal leupas. Tapi tatakrama jeung kasopanan urang wajib dijaga.

Kangjeng Rosul nyaurkeun, yen kautamaan babakti kanu janten sepuh eta pahalana saluhureun jihad fi sabillah, dawuh Rosul:

سَأَلْتُ النَّبِيَّ : أَيُّ الْعَمَلِ أَحَبُّ إِلَى اللهِ؟ قَالَ: الصَّلاَةُ عَلَى وَقْتِهَا. قَالَ: ثُمَّ أَيٌّ؟ قَالَ: ثُمَّ بِرُّ الْوَالِدَيْنِ. قَالَ: ثُمَّ أَيٌّ؟ قَالَ: الْجِهَادُ فِي سَبِيلِ اللهِ

Ibnu Mas’ud naros ka Kangjeng Rosul: Ya Rosulalloh naon amal nu pang saena?, anjeuna ngawaler: Sholat dina waktuna”. “Ya Rosul, teras naon deui?” Anjeuna ngawaler deui: “Babakti ka indung bapa” “lajeng naon deui” walerna: “Jihad fi sabilillah”


Janten memeh ngawaler jihad, ngawaler heula birrul walidain, sing tiasa babakti gawe hade ka ibu rama. Sanos ageung bentena antawis sepuh ngurus putrana nu di cita-cita sing bageur, sing cageur, sing pinter, sing sukse. Tapi anak ngurus kolotna, ngan ukur ngantosan dugika maot.
Tapi Alloh moal ngamomorekeun, moal api lain ka jalma-jalma anu bener-bener daek ngurus ka sepuhna.

5. Wajib oge masihan taushiyah, masihan pi-eling ka sepuh dimana diperyogikeun:
Dina hiji waktos Kholifah Umar bin abdil aziz turun tina mimbar lajeng mulih ka bumina langsung lebet ka kamar, anjeuna bad istirahat sakedap sabada didamel teu liren sibuk ngalereskeun penguburan Kholifah Sulaiman, nu digentos ku anjeuna. Nembe oge bade ngalonjorkeun sampean, ngagoler dina kasurna, torojol putrana nu wastana Abdul Malik, yuswana 17 taun, pamuda keneh.
Saur putrana: “He Amirul Mu’minin, bade naon ngagoledag dina kasur?”
Kholifah Umar bin Abdil Aziz ngawaler: “Hey anaking,  bade istirahat heula sakerejep, meni lungse kieu, geus euweuh tanaga”.
Saur Abdul Malik: “Naha bapa bade kulem bari ra’yat nu didolim teu acan di lereskeun kazolimanana?”

Saur Kholifah:” Anaking, Bapa cape, sapeupeuting teu sare tos ngurebkeun paman anjeun dugika subuh, ke bada sholat lohor berjamaah Bapa rek nepungan deui kabeh rahayat, in sya Alloh”
Saur putrana: “Saha nu ngajamin Bapa masih jumeneng bada duhur engke, Ya Amirol Mu’minin”.
Korejat Kholifah Umar cengkat, leungit kacape jeung katunduh, putrana di rawu dipangku digalentoran bari pok nyarios: “Ujang kasep anak bapa, anjeun dijieun tina tulang iga Bapa, nuhun kasep geus bisa ngingetan ka kolot mantuan ngalaksanakeun parentah Alloh, parentah Agama” diciuman bari ngalimba.

Hanjakal Abdul Malik yuswana dipundut ku Alloh dina waktos nincak 20 taun. Tapi amar ma’ruf nahyi mungkar, anjeuna tiasa ngadugikeun sanajan ka ramana nu jadi kholifah. Sabab anjeuna yakin yen da’wah nu utama ngadugikeun Hak bebeneran teu pilih bulu, ka ramana ge sebagai bentuk birrul walidain, kumawula kanu janten rama, sangkan salamet dunya akherat.

6. Seueurkeun sodakoh, mere maweh ka nu butuh, ka fakir miskin jeung kadulur nu sabudeureun, ganjaranna atanapi misla tsawabna mugi didugikeun ku Alloh kanggo ibu rama. Margi karuhun urang nu aya di alam barzakh ngantosan pisan kiriman ti putra-putrina nu saroleh, ngantosan pisan du’a sareng kasaean nu harirup keneh.
Ibnu Mas’ud nyaurkeun:

يَا رَسُوْلَ اللهِ، إِنَّ أُمِّي مَاتَتْ وَلَمْ تُوْصِ وَأَظُنُّهَا لَوْ تَكَلَّمَتْ لَتَصَدَّقَتْ، أَفَلَهَا أَجْرٌ إِنْ تَصَدَّقْتُ عَنْهَا؟ قَالَ: نَعَمْ

Ya Rosul, pun biyang tos ngantunkeun kalayan teu sempet wasiat ka abdi, tapi abdi yakin anjeuna bakal sasauran palayeun sodakoh, naha upami badi sodakoh aya ganjaran kanggo anjeuna? Waler Kangjeng Rosul: “Enya atuh puguh we”.

Kitu deui munggah haji atanapi haji badal, ibadah umroh, oge pang mayarkeun hutang-hutangna, eta ge sami bakal manfaat kanu tos maraot, kalayan aya dalil syar’ina.

7. Seueurkeun du’a, boh ka sepuh nu araya keneh atanapi nu tos teu aya, du’a mah manfaatna ageung bari teu cape, teu ngaluarkeun biaya, tanaga ge teu sabaraha, asal ngucap, ngalapadkeun, maka sok sing sering, sing seueur.

Ya Alloh pangeran abdi, mugi ngalungsurkeun rohmat sareng pangampura ka abdi sadaya, rumaos seueur lepat, seueur dosa, ka pun biyang ka pun bapa, rumaos abdi seueur codeka, ngomong sompral, kalakuan adigung, tangtos ngaraheutkeun manah aranjeuna. Ya Alloh mugi enggal lungsurkeun rohmat sareng pangapunten.

رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلِوَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا

Ya Allah, mugi ngahapunten ka abdi sadaya sareng Ibu Rama abdi sadaya, paparin aranjeuna rohmat sakumaha aranjeuna ngatik ngadidik abdi sadaya dina waktos alit.

Ya Alloh sehatkeun jasadna, gampilkeun rizkina, bingahkeun manahna, lebetkeun aranjeuna ka surga gusti, tempatkeun dina patamanan surga, pinuhan ku rohmat sareng maghfiroh Gusti.

رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا ذُنُوْبَنَا وَإِسْرَافَنَا فِيْ أَمْرِنَا وَثَبِّتْ أَقْدَامَنَا وَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِيْنَ

Nun Ya Robbhapunten dosa-dosa abdi sadaya sareng sagala tindak tanduk abdi sadaya anu kaleuleuwihan dina urusan abdi sadaya, pancegkeun pendirian abdi sadaya, sareng lungsurkeun pitulung ka abdi sadaya tina kajahatan kaum kafirin

رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

Nun gusti abdi sadaya, paparin abdi sadaya kamaslahatan di dunya sareng kamaslahatan di akherat, tangtayungan abdi sadaya tina siksa naraka. Lebetkeun kana surga gusti, tempatkeun abdi dina tempat para Anbiya sareng para Mursalin, caketkeun ka abdi sadaya pitulung taufik kanggo ngalaksankeun sagala piwarang gusti.
Ya Alloh ijabah du’a abdi sadayana, Amin, amin..

اَللّٰهُمَّ اغْفِرْلِىْ ذُنُوْبِىْ وَلِوَالِدَىَّ وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانِىْ صَغِيْرًا. وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ،اَلْاَحْيَآءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ وَتَابِعْ بَيْنَنَا وَبَيْنَهُمْ بِالْخَيْرَاتِ، رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُالرَّاحِمِيْنَ، وَلاَحَوْلَ وَلاَقُوَّةَ اِلاَّبِاللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ
بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ فِي الْآَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ إِنَّهُ جَوَادٌ كَرِيْمٌ.


KHUTBAH KADUA

الله اكبر x7
الْحَمْدُ لِلهِ رَبِ الْعَالَمِيْنَ وَالْعَاقِبَةُ لِلْمُتَّقِيْنَ وَلاَ عُدْوَانَ إِلاَّ عَلَى الظَّالِمِيْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الصَّادِقُ الْأَمِيْنُ، صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ والتَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، أَمَّا بَعْدُ،
اللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى إِبْرَاهِيمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيمَ إِنَّكَ حَمِيدٌ مَجِيدٌ، وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى إِبْرَاهِيمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيمَ فِي الْعَالَمِينَ إِنَّكَ حَمِيدٌ مَجِيدٌ.
اللَّهُمَّ أَعِزَّ الْإِسْلاَمَ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَالْمُشْرِكِيْنَ. اللَّهُمَّ أَصْلِحْ أَحْوَالَ الْمُسْلِمينَ فِي كُلِّ مَكَانٍ. اللَّهُمَّ اجْعَلْ هَذَا الْبَلَدَ آمِنًا مُطْمَئِنًّا وَسَائِرَ بِلاَدِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَّةً، يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ. اللَّهُمَّ آمِنَّا فِيْ أَوْطَانِنَا، وَأَصْلِحْ أَئِمَّتَنَا وَوُلاَةَ أُمُوْرِنَا، وَاجْعَلْ وِلاَيَتَنَا فِيْ مَنْ خَافَكَ وَاتَّقَاكَ وَاتَّبَعَ رِضَاكَ يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ.
اَللّهُمَّ أَصْلِحْ أَحْوَالَنَا فِي الْأُمُوْرِ كُلِّهَا وَبَلِّغْنَا بِمَا يُرْضِيْكَ آَمَالَنَا وَاخْتِمْ بِالصَّالحِاَتِ أَعْمَالَنَا وَبِالسَّعَادَةِ آَجَالَنَا وَتَوَفَّنَا يَا رَبِّ وَأَنْتَ رَاضٍ عَنَّا، اَللَّهُمَّ اجْعَلْ جَمْعَنَا هَذَا جَمْعًا مُبَارَكًا مَرْحُوْمًا وَتَفَرُّقَنَا مِنْ كُلِّ شَرٍّ مَعْصُوْمًا، رَبَّنَا لَا تَدَعْ لَنَا ذَنْبًا إِلَّا غَفَرْتَهُ وَلَا هَمًّا إِلَّا فَرَّجْتَهُ وَلَا مَرِيْضًا إِلَّا شَفَيْتَهُ وَلَا مَيِّتًا إِلَّا رَحِمْتَهُ وَلَا طَالِبًا أَمْرًا مِنْ أُمُوْرِ الْخَيْرِ إِلَّا سَهَّلْتَهُ لَهُ وَيَسَّرْتَهُ، اَللّهُمَّ وَحِّدْ كَلِمَةَ الْمُسْلِمِيْنَ وَاجْمَعْ شَمْلَهُمْ وَاجْعَلْهُمْ يَدًا وَاحِدَةً عَلَى مَنْ سِوَاهُمْ
اَللّهُمَّ انْصُرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَاخْذُلِ الْكَفَرَةَ وَالْمُشْرِكِيْنَ أَعْدَائَكَ أَعدَاءَ الدِّينْ، اَللّهُمَّ ارْزُقْنَا بِرَّ وَالِدِيْنَا أَحْيَاءً وَأْمْوَاتًا وَجَمِّعْنَا بِهِمْ فِي جَنَّةِ النَّعِيْمِ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِينْ.
 سُبْحَانَ رَبِّكَ رَبِّ الْعِزَّةِ عَمَّا يَصِفُونَ وَسَلَامٌ عَلَى الْمُرْسَلِينَ وَالْحَمْدُ لِلهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ

tags: khutbah idul fitri terbaru
khutbah idul fitiri bahasa indonesia
naskah khutbah idul fitri terbaru 2019
naskah teks khutbah idul fitri terbaru 1440 h
naskah teks khutbah idul fitri basa sunda
Labels: Pidato

Thanks for reading KHUTBAH IEDUL FITRI 1440 H / 2019 M BAHASA SUNDA : BIRRUL WALIDAIN . Please share...!

1 komentar on KHUTBAH IEDUL FITRI 1440 H / 2019 M BAHASA SUNDA : BIRRUL WALIDAIN

  1. Promo www.Fanspoker.com :
    - Bonus Freechips 5.000 - 10.000 setiap hari (1 hari dibagikan 1 kali) hanya dengan minimal deposit 50.000 dan minimal deposit 100.000 ke atas
    - Bonus Cashback 0.5% Setiap Senin
    - Bonus Referal 20% Seumur Hidup
    || WA : +855964283802 || LINE : +855964283802 ||

    ReplyDelete

Back To Top